Pameunteu Ema

Mun wengi teu tiasa bobo, Uing sok rajeun neuteup lalangit, bari kutrat kotret ngagambar pameunteu salira ku korek cepil . Mangsina gegedoh tilas cikopi,nu kuled tur semu hinyay. Upami gambar teu parok sareng kahoyong, Salira sok teras bendu, nembongkeun waos nu rangeteng semu koneng, Uing teu kinten reuwasna, enggal gambar di pupus, Salira teras Jejebris bari ngadudutan sepre, kasur ge sok teras di acak-acak, kapukna amarayah, malihan seueur nu ngapung,paburu-buru moro liang angin,nu liangna teu kinten alitna. Kamar uing janten paburantak, sapertos kapal nu peupeus, nabrak gunung es di kutub kaler. Uing mah mung tiasa ngahephep neueulkeun imbit na jolang wadah seuseuhan. Kumargi adat salira teu parok sareng implengan, uing janten kapok ngagambar pameunteu salira, ayeuna mah nu sok digambar teh pameunteu ema we, da ema mah bageur tara ieuh kersa nyeuseulan sok sanaos gambarna awon.